TUJUH WELAS
(Carpon)
Poé téh asa karasa panasna, halabhab pisan. Ti isuk jedur
kuring geus indit ka sakola. Enya, ayeuna téh poé Kemis rumasa kuring pikét di
sakola. Asa éra rék ijin teu asup ka sakola téh soalna mah kuring geus mindeng
pisan teu asup sakola alatan kondisi awak nu asa pikahariwangeun.
Atuh kurang tina dua bulan kuring dua kali asup rumah sakit. Ah…meureun geus kitu
kuduna. Sok sanajan haté mah rada anéh. Geuning cocoba téh asa euweuh eureunna.
Padahal mah saméméhna mah kuring teu jiga kitu. Awak téh asa jagjag wéh keur
mah katambah-tambah resep pisan kana olahraga. Atawa meureun rék hujan jigana
mah, da panasna asa kabina-bina teuing padahal mah karék pecat sawed. Biasana
ari panas kieu téh cirining rék turun hujan da enya ayeuna geus asup usum
ngijih biasana ngamimitian turun hujan.
Panas, hujan, panas, hujan. Enya susah ditebak eyuna mah teu
cara baheula puguh waktuna ari usum halodo jeung rendeng téh. Ngarasa teu
saimbang wéh beuki majuna jaman jeung IPTEK téh geuning asa beuki hésé nalar
alam, sok komo lamun ngabandungan bencana-bencana.
Ah..naha lelembutan téh ngacaprak kamana boa. Teu puguh naon
nu datang kana implengan.
Rét panon ngarérét ka nu aya di hareupeun nu keur anteng maca
novel.
“Bu, meni asa husu maosna?” Kuring nanya bari semu ngagonjak,
da enya baheula mah Anjeunna téh guru kuring, ayeuna kudu kapeto wéh jadi batur
ngajar di sakola.
“Muhun ieu caritana asa saé geuning, mingkin hirup wé eusi
caritana.” Waler Bu Aofi nu harita bareng kabagéan pikét Kemis.
“Kumaha kitu caritana?” Haté téh asa beuki panasaran .Bari
nyuruput jus jambu Anjeunna ngawalon bari panon mah anteng nungturkeun
kecap-kecap nu ngirut haténa.
“Ari inti caritana mah Kasih Tak Sampai téa geuning.
Pada-pada bogoh tapi kaayaan nu kudu teu bisa marengkeun papadana.”
Kuring anteng ngadéngékeun éta carita, asa keur budak mindeng
pangdongéngkeun ku pun aki. Sedeng implengan mah terus mangprung beuki luhur.
Bet inget kana carita sorangan nu asa dikieuna pisan ku kaayaan. Teuing haté
mah asa teu panceg, asa hésé mopohokeunana. Enya, manéhna nu anteng cicing dina
sela-sela jempling haté kuring.
“Linda!” Ngaran nu ngancik jeung hamo poho. Panineungan jeung
manéhna lir kanker ganas nu nyebar
saawak-awak.
Tujuh taun geus kaliwat, masa-masa nyuprih pangarti néang
daluang di SMA, asa sakitu sajorélat. Tapi sorot socana masih témbrés dina
implengan, dag-dig-dugna rasa masih kénéh bedas karasa lebah jajantung.
Linda, poé ieu tanggal 17, poé kuring maké seragam husus, nu
dipangmilihkeun ku Anjeun harita.
Unggal tanggal 17, baju dipaké. Sedeng implengan museur
panineungan jeung Anjeunna.
“Pa Yan!”
“Héy, Pa Yan!”
Ngoréjat. kuring asa digareuwahkeun nalika Bu Aofi noél
kuring.
“Éh ngalamun nya, masih anom kénéh ngalamun…”
“Oh…henteu ogé , Bu.” Bari nyengir kuring ngawalon Anjeunna.
“Dupi aya naonnya, Bu?” Kuring malik nanya da puguh asa aya
ku reuwas keur ngalamun digareuwahkeun.
“Tah, aya tamu nu naroskeun…” Bu Aofi bari imut nuduhkeun
tamu ka kuring.
“Éh, Ulfa!” Bari sasalaman jeung awak semu nu ngajak diuk
kuring neruskeun caritaan.
“Dupi aya naon nya tos rurumpaheun ? asa rareuwas kieu, Fa…
Meni panggling ayeuna mah.”
“Ah henteu Yan, Ulfa mung amengan wéh sakantenan aya nu wiat something kanggo Yan.”
Tina caritaanana, kuring jiga nu rék manggih kareuwas.
Ngalér-ngidul urang ngobrol. Ngawangkong. Nyaritakeun masa-masa sakola baheula
nu kungsi bareng. Beuki lila, sora Ulfa beuki laun. Pok deui Ulfa nyarita.
“Yan, Ulfa kadieu seja badé ngadugikeun ieu ka Yan.”
Cep, sora obrolan ka sentak, pikiran jeung keteg jajantung
méh eureun nalika narima kertas bulao nu dipulas ku tulisan tinta pérak.
“Ngadahup : Linda & ….”
Kuring teu kungsi neruskeun maca. Kapotong ku Ulfa nu mimiti
muka deui caritaan.
“Yan, Ulfa terang sadayana. Linda nyarita ka Ulfa sadaya rasa
sareng kahoyongna. Linda nganti pasini nu teu kedal ti Yan. Dalah dikumaha,
Anjeunna butuh kapastian. Anjeunna mung jalmi nu kedah tumut ka sepuh. Anjeunna
wiat saur, nyungkeun pidu’ana. Insya Alloh Linda ogé baris ngadu’akeun Yan.”
Ti harita, léosna Ulfa téh lir léosna Linda nu bakal nyimpen
panineungan leuwih anteb lebah dada.
Tujuh welas, enya tanggal ieu pisan nu ngaguar lalakon
panineungan jeung mungkas panineungan.
“Wilujeng jatukrami, Linda!”
Lukman Mulyana,
alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS, UPI. Kiwari mancén damel di SMAN
1 Ciawigebang, Kuningan.