APRESIASI SASTRA SUNDA
1. Papasingan (Klasifikasi) Karya Sastra
Numutkeun Bahan Penataran Sastra Sunda Dinas P dan K TK. I Jawa Barat tahun 1992, papasingan karya Sastra teh nya eta:
a. Wangunan:
1. Puisi (wangun ugeran)
2. Prosa (wangun lancaran)
3. Drama (caritana, lalakonna, naskahna)
b. Warnana (jenisna):
1. Buhun (heubeul)
2. Anyar
c. Puisi Buhun/Heubeul:
1. Mantra
2. Kakawihan
3. Paparikan
4. Rarakitan
5. Wawangsalan
6. Pantun
7. Sa'ir
8. Guguritan (pupuh)
9. Wawacan
d. Puisi Anyar:
1. Sajak (bebas)
2. Soneta
3. Tersina
4. Kuatren
e. Prosa Buhun/Heubeul:
1. Dongeng
2. Legenda
3. Mitologi
f. Prosa Anyar :
1. Carita Pondok
2. Sketsa
3. Novel (Roman):
- Novel Sejarah
- Novel Sosial
g. Drama Buhun (Heubeul):
1. Sandiwara
2. Tunil
3. Opera
4. Longser
h. Drama Anyar:
1. Drama
2. Gending Karesmen
3. Sinetron
2. Wangenan/Definisi/Istilah Karya Sastra
Apresiasi nyaeta:
1. Pangajen kana salah-sahiji karya
2. Kasadaran kana ajen inajen seni jeung budaya
Sastra, nyaeta : Karya lisan atawa tulisan anu ngandung kaendahan, boh eusina boh rakitanana.
Apresiasi Sastra, nyaeta : Kasadaran ngeunaan ajen-ajen karya lisan atawa karya tulisan anu ngandung kaendahan boh eusina boh rakitan basana.
Ngapresiasi Sastra, nyaeta : Ngalakukeun kagiatan maca hasil sastra ngaregepkeun hasil sastra, lalajo hasil pagelaran sastra, meng(nga)hayati hasil sastra jeung ngahargaan hasil sastra.
Puisi, nyaeta : Basa nu dianggit supaya endah nu kabeungkeut (kauger) ku aturan atawa patokan.
Prosa, nyaeta: Basa anu dipake sapopoe (Basa lancaran) anu teu kabeungkeut ku patokan.
Drama, nyaeta: Komposisi puisi jeung prosa anu ngagambarkeun kahirupan jeung watek, kucara dialog jeung akting.
Mantra, nyaeta: Jampe. Karya titinggal karuhun anu eusina ngahubungkeun manusa jeung dunya misteri.
Guguritan, nyaeta: Karangan pondok anu disusun make aturan pupuh.
Wawacan, nyaeta: Karangan panjang nu disusun make patokan pupuh, mangrupa carita atawa dongeng.
Gending Karesmen, nyaeta: Drama (sandiwara) anu dialogna dihariringkeun atawa dilagukeun.
Pupuh, nyaeta: Wangunan dangding anu jumlahna 17.
Guru Wilangan, nyaeta : Lobana jajaran dina unggal pada, jeung lobana engang dina unggal jajaran (padalisan).
Guru Lagu, nyaeta: Aturan sora (engang) dina panungtung padalisan, dina unggal-unggal pada.
Ngadangding, nyaeta: Nyieun atawa nyiptakeun pupuh.
Guguritan, nyaeta: Nyieun atawa nyiptakeun pupuh.
Conto: Guguritan : Kalong
Pupuh : Kinanti
Dicutat tina :
Buku : Pangrumat Sastra
Karya : Drs. H. Dana Rasmita
Penerbit : CV. Buana Artha
Tahun : -
Tidak ada komentar:
Posting Komentar