Nu peryogi Wangenan / Definisi Gaya Basa Sunda katut conto-conto kalimahna tiasa nyandak file dina link ieu DOWNLOAD
BALAKATINEUNG ti Ki Sunda
Jumat, 04 Maret 2016
APRESIASI SASTRA SUNDA
APRESIASI SASTRA SUNDA
1. Papasingan (Klasifikasi) Karya Sastra
Numutkeun Bahan Penataran Sastra Sunda Dinas P dan K TK. I Jawa Barat tahun 1992, papasingan karya Sastra teh nya eta:
a. Wangunan:
1. Puisi (wangun ugeran)
2. Prosa (wangun lancaran)
3. Drama (caritana, lalakonna, naskahna)
b. Warnana (jenisna):
1. Buhun (heubeul)
2. Anyar
c. Puisi Buhun/Heubeul:
1. Mantra
2. Kakawihan
3. Paparikan
4. Rarakitan
5. Wawangsalan
6. Pantun
7. Sa'ir
8. Guguritan (pupuh)
9. Wawacan
d. Puisi Anyar:
1. Sajak (bebas)
2. Soneta
3. Tersina
4. Kuatren
e. Prosa Buhun/Heubeul:
1. Dongeng
2. Legenda
3. Mitologi
f. Prosa Anyar :
1. Carita Pondok
2. Sketsa
3. Novel (Roman):
- Novel Sejarah
- Novel Sosial
g. Drama Buhun (Heubeul):
1. Sandiwara
2. Tunil
3. Opera
4. Longser
h. Drama Anyar:
1. Drama
2. Gending Karesmen
3. Sinetron
2. Wangenan/Definisi/Istilah Karya Sastra
Apresiasi nyaeta:
1. Pangajen kana salah-sahiji karya
2. Kasadaran kana ajen inajen seni jeung budaya
Sastra, nyaeta : Karya lisan atawa tulisan anu ngandung kaendahan, boh eusina boh rakitanana.
Apresiasi Sastra, nyaeta : Kasadaran ngeunaan ajen-ajen karya lisan atawa karya tulisan anu ngandung kaendahan boh eusina boh rakitan basana.
Ngapresiasi Sastra, nyaeta : Ngalakukeun kagiatan maca hasil sastra ngaregepkeun hasil sastra, lalajo hasil pagelaran sastra, meng(nga)hayati hasil sastra jeung ngahargaan hasil sastra.
Puisi, nyaeta : Basa nu dianggit supaya endah nu kabeungkeut (kauger) ku aturan atawa patokan.
Prosa, nyaeta: Basa anu dipake sapopoe (Basa lancaran) anu teu kabeungkeut ku patokan.
Drama, nyaeta: Komposisi puisi jeung prosa anu ngagambarkeun kahirupan jeung watek, kucara dialog jeung akting.
Mantra, nyaeta: Jampe. Karya titinggal karuhun anu eusina ngahubungkeun manusa jeung dunya misteri.
Guguritan, nyaeta: Karangan pondok anu disusun make aturan pupuh.
Wawacan, nyaeta: Karangan panjang nu disusun make patokan pupuh, mangrupa carita atawa dongeng.
Gending Karesmen, nyaeta: Drama (sandiwara) anu dialogna dihariringkeun atawa dilagukeun.
Pupuh, nyaeta: Wangunan dangding anu jumlahna 17.
Guru Wilangan, nyaeta : Lobana jajaran dina unggal pada, jeung lobana engang dina unggal jajaran (padalisan).
Guru Lagu, nyaeta: Aturan sora (engang) dina panungtung padalisan, dina unggal-unggal pada.
Ngadangding, nyaeta: Nyieun atawa nyiptakeun pupuh.
Guguritan, nyaeta: Nyieun atawa nyiptakeun pupuh.
Conto: Guguritan : Kalong
Pupuh : Kinanti
Dicutat tina :
Buku : Pangrumat Sastra
Karya : Drs. H. Dana Rasmita
Penerbit : CV. Buana Artha
Tahun : -

BIANTARA SÉRÉN TAMPI PANGANTÉN
BIANTARA NYÉRÉNKEUN PANGANTÉN
Assalamu’alaikum wr. wb.
Inna hamdalillah Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na udzubillahi min syururi anfusina wa min sasyyiati a’malina. Mayyadzillahu fala mudzilallah wama yuddiluhu fala hadiyalah. Asyhaduanla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa rosuluhu, la nabiya ba’dah.
Minangka bubuka pisanggem, sim kuring nyanggakeun sadaya puji ka Alloh Nu Murbeng Alam, anu midamel sareng ngurus bumi-langit katut sapangeusina. Ku ayana widi ti Anjeunna, urang sadaya tiasa kumpul riung di dieu, enggoning nepangkeun sareng manjangkeun tali silaturahmi, antawis kulawargi ti Désa Simpang Kacamatan Takokak sareng kulawargi ti Désa Parakanmanggu Kacamatan Parigi. Mugi-mugi waé ieu pajemuhan téh aya dina rido sareng ginulur rahmat Gusti Nu Maha Widi. Atuh kalih ti éta, urang ngariung téh seja nyakséni kalayan ngadorong ku du’a kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi.
Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabi’atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir. Amin.
Bapa kalih ibu, hadirin hormateun sim kuring!
Langkung ti payun ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparin kasempetan ka sim kuring kanggo cumarios dina ieu pasamoan.
Hatur séwu nuhun utamina kasanggakeun ka pangersa Bapa Hasan sakulawargi anu parantos ngangken kalayan nampi ka sim kuring sinareng rombongan, ku panampian anu kalintang nyugemakeunana. Abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana. Teu aya anu tiasa dipisanggem iwal ti seja menekung ka Nu Maha Agung, ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci, pamugi rupining kasaéan Bapa Hasan sakulawargi sing janten amal soléh anu dipirido ku Alloh SWT. Amin.
Bapa Hasan miwah Ibu Hasan sakalih, kitu deui wargi-wargi anu sami ngaluuhan ieu pajemuhan, sim kuring misanggem di dieu téh minangka wawakil pun lanceuk, nyaeta Bapa sareng Ibu Rojiun, ti desa Pager Maneuh kec Manjang Jaya. Sim kuring dipasihan pancen kedah masrahkeun putrana pun lanceuk, wastana Rahmat, anu insya Alloh moal lami deui bade didahupkeun ka putra Bapa sareng Ibu Hasan, nami Neng Nengsih. Kantenan, ieu pancen téh kanggo sim kuring mah teu kinten abotna. Rumaos pisan, sim kuring tuna ku pangabisa. Sok rajeun soteh aya anu ngahiras, ukur purah janten tukang naktak, kurad-kored sareng pucal-pacul. Dupi ayeuna, bet kedah janten wawakil kanggo masrahkeun pipanganteneun. Asa rempan sim kuring téh. Rempan ku dua ku tilu. Boh bilih ieu pancen teu kaawakan ku sim kuring. Boh bilih aya basa anu kirang merenah larapna. Namung, ku margi tos dipasihan kapercantenan anu sakitu ageungna ti kulawargi pun lanceuk, asa awon kasebatna upami eta kapercantenan ku sim kuring dimomorekeun. Nya bade lahlahan wae ieu mah. Bade nyobi-nyobi, etang-etang lauk buruk milu mijah. Jalaran kitu, langkung ti payun neda sih hapunten, bilih aya catur nu teu kaukur, bilih aya basa nu teu kareka.
Bapa miwah Ibu Hasan sakalih, pun lanceuk sawargi-wargi darongkap ka dieu téh seja aya nu dipimaksad. Rupina ku Bapa sareng Ibu Hasan oge parantos kagalih. Namung teu aya lepatna saupami ku sim kuring didadarkeun deui kalawan langkung tandes. Janten kieu gek-gekana mah, wirehna kapungkur sabadana pun alo, Cep Rahmat, patepang nu munggaran sareng Neng Nengsih, rupina ngaraos kapetik ati kapentang asmara cinta. Bubuhan Neng Nengsih apan sakieu sieupna. Saur juru pantun mah geulisna bawa ngajadi endahna bawa ti kudrat. Dedeg sampe rupa hade. Gadona endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna kuwung-kuwung, tarangna teja mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang lenjang. Pantes saupami Cep Rahmat teras kagembang kapengpeongan. Atuh kaleresan diwuwuh ku batu turun keusik naek, itu purun ieu daek, dugi ka pasini jangji hoyong cacap jatukrami.
Dina danget ieu, Cep Rahmat téh rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh maksud hoyong mungkas alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rek muru ka bale nyungcung, manawi aya rido ti Gusti Nu Maha Agung.
Dina ieu nkasempetan, kalayan kasakseni ku wargi-wargi, oge diwuwuhan ku para sepuh, sim kuring seja nyanggakeun pun alo, Cep Rahmat, ka ramana Neng Nengsih, pangersana Bapa Hasan kanggo ditikahkeun dina danget ieu.
Atuh ka Bapa Hasan sarimbit, hususna ka Neng Nengsih, ti danget ieu Bapa sareng Ibu salaku sepuhna nyanggakeun Cep Rahmat, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengah tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu.
Kalihna ti eta, Cep Rahmat dongkapna ka dieu téh estuning henteu jangjang henteu jingjing. Mung ieu we saurna nu dibantun téh mung sarupi, nyaeta nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu ngarengkol osok ngompol.
Numawi Cep Rahmat teras ngareka sisindiran:
Pa Camat nyorang tanjakan
Jalanna maju ka kidul
Wios Cep Rahmat teu cacandakan
Asal etana bedegul
Saur Cep Rahmat, eta nu bedegul lir doran pacul téh tos ngukuntit ti aalit, dicacandak ti bubudak, nanging estu teu acan pisan digolangkeun. Bubuhan dipake pamikul bengkung, dianggo pangeret bingkeng, dianggo tihul teu hurung. Numawi teras dibantun we ka dieu. Manawi di dieumah tiasa dimangpaatkeun ku Neng Nengsih, dianggo geusan nyiptakeun kabagjaan lahir batin. Jadi pamatri asih laki rabi dina ngambah sagara rumah tangga.
Bapa kalih ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!
Sateuacan nampi kana ieu pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Neng Nengsih, wirehing Cep Rahmat téh mung jangkung luhur salirana wungkul. Ditilik tina harti sareng hartana mah estuning sepi harti tuna harta, suwung ku kaweruh. Atuh ditilik tina rigigna sanes rigig santri, direret tina legegna sanes legeg Bapa Lebe, masih keneh meryogikeun pangatik sareng pangdidik ti para sepuhna, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga sakinah sakumaha anu dipiharep ku urang sadaya.
Bapa kalih Ibu, dongkapna sim kuring sareng rombongan ka ieu tempat téh katingalna mah ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging ngaleut téh henteu leubeut ku tanggeuyan, ngembat téh teu rebo ku cacandakan. Ngabringna henteu rimbil ku jingjingan. Estuning keupat eundang ngadaleungdang, indit sirib ngaligincing. Eta cenah aya nu kajingjing sakedik, kabantun bari ngalangkung, duka naon. Duka artos sapeser duka kaen sacewir. Eta mah haturan wae kanggo Neng Nengsih tamba isin ngaligincing.
Minangka pangjajap pangjurung laku ka Cep Rahmat sareng Neng Nengsih, hidep duaan téh mangrupi sekar munggaran anu mekar mangkakna pinuh ku harepan. Beber layar tarik jangkar, ngarencana mungkas mangsa lalagasan, sapuk rek muru ka bale nyungcung. Mugi-mugi pamaksadan hidep duaan sing tiasa tinekanan. Sing teteg henteu galideur dina nyorang paneka rumah tangga.
Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas majah, ngarendekeh kawas sereh. Sing ayem tengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbangan sabobot sapihanean. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, kadarat sing getol solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih mupusti kaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacengkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akur sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.
Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggemeun sim kuring urang cekapan sakitu wae. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkung saur bahe carek. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti padfesaan. Bilih aya nu kabadug kalbu kagedak manah, kabentur tuur kabentar taar, kababuk punduk kapangkek kelek, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun.
Pamungkas pisanggem, hatur sewu nuhun kana samungkawis perhatosanana.
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum wr.wb.
BIANTARA NARIMA CALON PANGANTÉN
Assalamu’alaikum wr. wb.
Alhamdulillahiladzi hadzanalihadza wama kunna linahtadiya laula anhadzallah.
Allohumma sholli ‘ala sayyidina muhammadin ‘abdika wannabiyyika warosullikannabiyil ummiyi wa ‘ala alihi washobihi wassallam.
Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Kalayan rahmat sareng karunia ti Manten-Na, alhamdulillah dina dinten ieu urang sadaya tiasa riung kempel dina ieu pajemuhan, dina raraga silaturahmi. Kalihna ti éta, urang kempel téh insya Alloh seja tumut kana pidawuh Alloh kalih Rosulna, nyaéta ngalaksanakeun walimatulnikah. Urang sadaya seja nyakseni kalayan ngajurung ku du’a kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi.

Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring!
Kalayan asamana sohibul makosid Bapa Hasan sakulawargi, langkung tipayun ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparinan kasempetan ka sim kuring kanggo ngadugikeun naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid.
Hatur nuhun laksa keti kabingahan kasanggakeun ogé ka para wargi, langkung ti payun ngahaturkeun réwu nuhun ka para sepuh anu sami-sami rawuh, ka dulur anu di lembur, ka baraya-baraya anu araya. Teu hilap ka para tokoh ti palih tonggoh, anu mikadeudeuh ka palih galeuh, ka handai tolan anu ti péngkolan, ka nu ngaranggo tudung ti Bandung, ka para rumaja sareng wanoja anu caket méja, sareng kum ka sadayana warga sinareng wargi anu teu disebat hiji-hiji, anu sami-sami gingsir linggih, nawiskeun kaasih diri, dongkap lengkah nembrakeun katresna manah, pada rawuh mihatur lunturna kalbu, ngahaturkeun nuhun kana kasumpingan sadayana.
Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi horamateun sim kuring.
Dina ieu kasempetan sim kuring ngahturkeun wilujeng sumping kalayan ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan ka Bapa kalih Ibu, ogé palawargi sadayana ti rombongan calon pangantén pameget, anu parantos rawuh ka ieu lembur, parantos sumping ka ieu bumi. Kantenan bae rawuhna para sepuh, sumpingna para wargi téh parantos dianti-anti ti tadina, dianjang-anjang ti anggalna. Hapunten anu kasuhun wiréh dina panampianana éstuning dilalaworakeun. Bapa-bapa lenggahna di patempatan anu kirang sampurna. Wargi-wargi linggihna di pangcalikan anu kirang utami. Ieu panampian téh boa-boa lebet kana paripaos werit ku budi sareng parangi, tebih ti basa utami, heureut pakeun kirang bahan, anggang ti basa utama. Atuh ku kituna luntur kalbu anu kasuhun, jembar manah anu diteda, wening galih anu dipamrih ti sadayana kana rupining katuna sareng kakirangna.
Bapa kalih ibu, sakumaha anu tadi kakuping ku urang sadaya, naon rupi anu parantos didugikeun ku pangersana sesepuh ti pihak calon pangantén pameget, saurna téh seja nyanggakeun Cép Rahmat, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengan tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu.
Sateuacanna sim kuring nampi kana éta pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Cép Rahmat kalih sepuhna, wiréhna pun anak téh, Néng Néngsih, upamina disebat atah mah éstuning masih kénéh atah. Atah ku pangawarah tebih ku pangatik, meryogikeun kénéh pangaping sareng pangjaring ti para sepuh, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga anu runtut raut répéh rapih.
Salajengna sakumaha anu parantos didugikeun ku sepuh ti pihak calon pangantén pameget nembé, anu nyaurkeun yén Cép Rahmat sumpingna ka dieu téh saurna henteu jangjang henteu jingjing. Mung nyandak nu sarupi, nyaéta ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu ngaréngkol osok ngompol, nu bedegul lir doran pacul. Teu sawios-wios, da di dieuna ogé teu disampakeun nao-naon, mung disampakkeun Néng Néngsih nu kagungan tilas raheut nu kapungkur. Nanging raheut sanés saraheut-raheutna, legok sanés salegok-legokna. Éstuning raheut asli ti ajali, legok candak ti kudratna, paranti neundeun kadeudeuh paranti nunda pelakeun.
Atuh kalih ti éta, sagédéngeun Cép Rahmat, anu jajapna alhamdulillah sakitu seueurna. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Ngaleut leubeut ku tanggeuyan, ngembat rébo ku cacandakan. Ngabring rimbil ku jingjingan. Sim kuring kalayan asmana pangersa Bapa Hasan sakulawargi, ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan. Hatur nuhun kana karupining cacandakanana.
Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!
Kalayan asmana pangersa Bapa Hasan sakulawargi, diwuwuh ku rapa sepuh ogé disakséni ku palawargi, kalayan ngucap bismillahirrohmanirrohim sim kuring nampi kana naon rupi anu janten pamaksadan sesepuh ti pihak calon pangantén pameget. Mugi-mugi ieu murangkalih téh, Cép Rahmat sareng Néng Néngsih tiasa kauntun tipung katambang beas, laksana anu diseja, dikobul ka balé nyungcung. Insya Alloh sakedap deui ieu murangkalih téh urang rungrum ku pangdua dina acara anu poko, nyaéta akad nikah.
Rupina sakitu pisanggem ti sim kuring. Bobo sapanon carang sapakan. Langkung saurna bahé carékna, hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum wr. wb.

Rabu, 02 Maret 2016
*Meredong*
( Lukman Mulyana)
Geuning beurang ogé meni mongkléng
Dina lebah hégakna kahirupan...
Suntrang-santrung
Dina tapak calacah bengisna zaman
Sedeng cimata geus saat kaluar
Tina panon nu celong tanggah
Ngitung angka nu euweuh tungtungna
Ganti poé peuting deui, ganti minggu peuting deui geuning peuting-peuting nu kasorang meni karasa mongkléngna
Sedeng bulan nu maturan
Milu tunggara, milu ngitung jeung anteng
Jadi saksi humaregung kapireu haté
Jungjunan....
Pancegkeun ieu diri dina istiqomah amal sholéh
Dina léngkah mapay galur *Fisabilillah*

Rabu, 22 Mei 2013
TUJUH WELAS
(Carpon)
Poé téh asa karasa panasna, halabhab pisan. Ti isuk jedur
kuring geus indit ka sakola. Enya, ayeuna téh poé Kemis rumasa kuring pikét di
sakola. Asa éra rék ijin teu asup ka sakola téh soalna mah kuring geus mindeng
pisan teu asup sakola alatan kondisi awak nu asa pikahariwangeun.
Atuh kurang tina dua bulan kuring dua kali asup rumah sakit. Ah…meureun geus kitu
kuduna. Sok sanajan haté mah rada anéh. Geuning cocoba téh asa euweuh eureunna.
Padahal mah saméméhna mah kuring teu jiga kitu. Awak téh asa jagjag wéh keur
mah katambah-tambah resep pisan kana olahraga. Atawa meureun rék hujan jigana
mah, da panasna asa kabina-bina teuing padahal mah karék pecat sawed. Biasana
ari panas kieu téh cirining rék turun hujan da enya ayeuna geus asup usum
ngijih biasana ngamimitian turun hujan.
Panas, hujan, panas, hujan. Enya susah ditebak eyuna mah teu
cara baheula puguh waktuna ari usum halodo jeung rendeng téh. Ngarasa teu
saimbang wéh beuki majuna jaman jeung IPTEK téh geuning asa beuki hésé nalar
alam, sok komo lamun ngabandungan bencana-bencana.
Ah..naha lelembutan téh ngacaprak kamana boa. Teu puguh naon
nu datang kana implengan.
Rét panon ngarérét ka nu aya di hareupeun nu keur anteng maca
novel.
“Bu, meni asa husu maosna?” Kuring nanya bari semu ngagonjak,
da enya baheula mah Anjeunna téh guru kuring, ayeuna kudu kapeto wéh jadi batur
ngajar di sakola.
“Muhun ieu caritana asa saé geuning, mingkin hirup wé eusi
caritana.” Waler Bu Aofi nu harita bareng kabagéan pikét Kemis.
“Kumaha kitu caritana?” Haté téh asa beuki panasaran .Bari
nyuruput jus jambu Anjeunna ngawalon bari panon mah anteng nungturkeun
kecap-kecap nu ngirut haténa.
“Ari inti caritana mah Kasih Tak Sampai téa geuning.
Pada-pada bogoh tapi kaayaan nu kudu teu bisa marengkeun papadana.”
Kuring anteng ngadéngékeun éta carita, asa keur budak mindeng
pangdongéngkeun ku pun aki. Sedeng implengan mah terus mangprung beuki luhur.
Bet inget kana carita sorangan nu asa dikieuna pisan ku kaayaan. Teuing haté
mah asa teu panceg, asa hésé mopohokeunana. Enya, manéhna nu anteng cicing dina
sela-sela jempling haté kuring.
“Linda!” Ngaran nu ngancik jeung hamo poho. Panineungan jeung
manéhna lir kanker ganas nu nyebar
saawak-awak.
Tujuh taun geus kaliwat, masa-masa nyuprih pangarti néang
daluang di SMA, asa sakitu sajorélat. Tapi sorot socana masih témbrés dina
implengan, dag-dig-dugna rasa masih kénéh bedas karasa lebah jajantung.
Linda, poé ieu tanggal 17, poé kuring maké seragam husus, nu
dipangmilihkeun ku Anjeun harita.
Unggal tanggal 17, baju dipaké. Sedeng implengan museur
panineungan jeung Anjeunna.
“Pa Yan!”
“Héy, Pa Yan!”
Ngoréjat. kuring asa digareuwahkeun nalika Bu Aofi noél
kuring.
“Éh ngalamun nya, masih anom kénéh ngalamun…”
“Oh…henteu ogé , Bu.” Bari nyengir kuring ngawalon Anjeunna.
“Dupi aya naonnya, Bu?” Kuring malik nanya da puguh asa aya
ku reuwas keur ngalamun digareuwahkeun.
“Tah, aya tamu nu naroskeun…” Bu Aofi bari imut nuduhkeun
tamu ka kuring.
“Éh, Ulfa!” Bari sasalaman jeung awak semu nu ngajak diuk
kuring neruskeun caritaan.
“Dupi aya naon nya tos rurumpaheun ? asa rareuwas kieu, Fa…
Meni panggling ayeuna mah.”
“Ah henteu Yan, Ulfa mung amengan wéh sakantenan aya nu wiat something kanggo Yan.”
Tina caritaanana, kuring jiga nu rék manggih kareuwas.
Ngalér-ngidul urang ngobrol. Ngawangkong. Nyaritakeun masa-masa sakola baheula
nu kungsi bareng. Beuki lila, sora Ulfa beuki laun. Pok deui Ulfa nyarita.
“Yan, Ulfa kadieu seja badé ngadugikeun ieu ka Yan.”
Cep, sora obrolan ka sentak, pikiran jeung keteg jajantung
méh eureun nalika narima kertas bulao nu dipulas ku tulisan tinta pérak.
“Ngadahup : Linda & ….”
Kuring teu kungsi neruskeun maca. Kapotong ku Ulfa nu mimiti
muka deui caritaan.
“Yan, Ulfa terang sadayana. Linda nyarita ka Ulfa sadaya rasa
sareng kahoyongna. Linda nganti pasini nu teu kedal ti Yan. Dalah dikumaha,
Anjeunna butuh kapastian. Anjeunna mung jalmi nu kedah tumut ka sepuh. Anjeunna
wiat saur, nyungkeun pidu’ana. Insya Alloh Linda ogé baris ngadu’akeun Yan.”
Ti harita, léosna Ulfa téh lir léosna Linda nu bakal nyimpen
panineungan leuwih anteb lebah dada.
Tujuh welas, enya tanggal ieu pisan nu ngaguar lalakon
panineungan jeung mungkas panineungan.
“Wilujeng jatukrami, Linda!”
Lukman Mulyana,
alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS, UPI. Kiwari mancén damel di SMAN
1 Ciawigebang, Kuningan.
Selasa, 07 Juni 2011

Antara Dua Sajak
Lilin, seuneu, jentreng kacapigeus jadi saksi pasini ati urang duaan
Bulan, hiliwir angin, jeung kalangkang mega ngajadi saksi aworna
asmarandana katresna urang (Bareti,100410)
Sanajan renghap ieu lain munggaran
jalan urang masih panjang
dina nyorang tungtung ambekan
Amin.
(Aspi,150410)
jalan urang masih panjang
dina nyorang tungtung ambekan
Amin.
(Aspi,150410)
Jumat, 18 Februari 2011
MEMPERINGATI HARI BAHASA IBU INTERNASIONAL
MEMPERINGATI HARI BAHASA IBU INTERNASIONAL 21 FEBRUARI 2011
2/21/2011
BARUDAK SUNDA 2006
(SAHATE, NGARANTE, RANCAGE)
Jln. Setia Budhi No. 229 Bandung
Salam Sejahtera,
Rekan-rekanku se-Bangsa dan se-Tanah Air, tidak sedikit orang yang sekarang tidak memakai bahasa ibu-nya sendiri, bukan berarti tidak boleh memakai bahasa persatuan kita, bahasa Indonesia. Tetapi sebagian besar masyarakat umum mulai melupakan bahasa ibu-nya sendiri. Orang dari suku Sunda tidak sedikit yang lebih memilih bahasa Indonesia untuk ngobrol dengan sesama orang Sunda juga. Orang dari suku yang lain pun hampir sama, penggunaan bahasa ibu keberadaanya mulai mengkhawatirkan. Padahal beberapa tahun kebelakang UNESCO pun mulai memberikan perhatian lebih terhadap Mother tongue. Badan PBB yang mimbidangi masalah-masalah kebudayaan ini mencatat sekitar lebih dari dua ribu bahasa ibu di seluruh dunia mulai punah. Begitu pun keberadaan bahasa-bahasa ibu yang ada di negara kita tercinta. Akankah kita kehilangan bahasa nenek moyang kita yang merupakan warisan leluhur dan kekayaan khasanah budaya kita? Tentu jawabannya akan sama, TIDAK!
Oleh karena alasan tersebut, kami menghimbau kepada seluruh masyarakat untuk bisa bersama-sama untuk mensosialisasikan bahwa setiap tanggal 21 Februari adalah hari insidental untuk “MEMPERINGATI HARI BAHASA IBU INTERNASIONAL” yang telah ditetapkan oleh UNESCO.
Semoga Allah senantiasa memberikan segala rahmat dan innayah-Nya. Amin.

Langganan:
Komentar (Atom)