UNDAK USUK BASA
Dina mangsa hirup kumbuh kaayeunakeun, jigana hal ihwal undak-usuk Basa Sunda geus mimiti jadi carita tinulis boh dina koran atawa majalah Sunda, atuh teu saeutik jadi guneman dina rupaning acara Télévisi. Nu jadi masalahna nya éta aya dua pamadegan. Di antara urang Sunda, aya anu boga pamadegan sangkan undak-usuk basa teh dileungitkeun. Alesan nu mikahayang leungitna undak usuk basa Sunda, cenah undak-usuk basa téh hésé, cenah deui geus teu saluyu jeung jaman kiwari, jaman demokrasi, hak asasi jeung loba-loba deui alesan lianna. Naha ari kana Basa deungeun saperti basa Inggris, basa Arab, basa Mandarin jeung basa-basa dengeun lianna, anu sakitu hesena jeung mahalna, urang Sunda meni sakitu sumangetna jeung pada ngeureuyeuh, kalawan soson-soson pisan ngarulikna. Basa batur digugulung, dipimilik, ditalungtik, naha ari basa Sunda malah rék dileungitkeun undak-usukna, padahal undak usuk basa téh hiji ciri jeung ajén urang Sunda, boh carita tinulis dina Koran, Majalah atawa carita basa lisan dina guneman, lawungan, hal ieu saluyu jeung sabagian gedé urang Sunda anu boga pamadegan sangkan undak-usuk basa Sunda kudu tetep aya dina basa Sunda anu dipaké ngomong sapopoé, sababna undak usuk basa lamun dipaké dina nyarita sapopoé baris kaciri wujudna tatakrama jeung ajénna urang Sunda.
Basa Sunda téh ti baheula geus jadi milik urang Sunda jeung geus loba kamajuanana saperti paramasastrana, pakem basana, undak-usuk basana, kasusastraanana jeung sajabana, anu perlu ku urang Sunda tetep dipiara, dimumulé, diraksa, diriksa jeung dipaké sapopoé, boh dina basa lisan atawa basa tulisan.
Kungsi ngabandungan kolot-kolot dina hiji lawungan jeung guneman, ti mimiti nepi ka tamatna biasa baé ngomongna ku basa Sunda kalawan teu tinggal undak-usuk basana, jadi tétéla najan aya sabagian anu teu panuju kana undak usuk basa téh, ngan angen-angen wungkul, tegesna mah geuning tetep baé undak usuk basa hésé leungitna.
Lamun téa mah énya dina paguneman sapopoé, hég teu maké undak-usuk basa, na kumaha pijadieunana wujud urang Sunda jeung rengkolna basa Sunda kiwari ?, anu ti bihari éstu dipusti-pusti jeung dipiajrih ku urang deungeun, meureun moal katempo karamahan jeung kasopanan urang Sunda téh. Atuh ngomong jeung anu hormateun (kakolot, kasaluhureun) ku basa Sunda kiwari tanpa maké undak usuk basa, jiga nu geus morosot tatakrama / budi pekerti urang sunda téh.
Niat nu gedé jeung dak tur aya pakeuna, teu bakal hésé diajar basa Sunda, jeung deui ulah ngan sakadar basana wungkul, kudu boga niat mupusti kalawan ngarasa jadi pancén ngaguar rupa-rupa atikan budaya Sunda.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar