*Meredong*
( Lukman Mulyana)
Geuning beurang ogé meni mongkléng
Dina lebah hégakna kahirupan...
Suntrang-santrung
Dina tapak calacah bengisna zaman
Sedeng cimata geus saat kaluar
Tina panon nu celong tanggah
Ngitung angka nu euweuh tungtungna
Ganti poé peuting deui,
ganti minggu peuting deui
geuning peuting-peuting nu kasorang
meni karasa mongkléngna
Sedeng bulan nu maturan
Milu tunggara, milu ngitung jeung anteng
Jadi saksi humaregung kapireu haté
Jungjunan....
Pancegkeun ieu diri dina istiqomah amal sholéh
Dina léngkah mapay galur *Fisabilillah*
2 komentar:
Saé pisan pepelingna
Saé pisan pepelingna
Posting Komentar